A
Adab lanyap Jiga nu handap asor, daek ngahormat
ka batur, boga hate luhur, tapi tungtungna sok ngarunghak jeung kurang ajar,
anu tungtungna batur loba nu teu resepeun.
Adam lali tapel poho ka baraya jeung poho ka lemah
cai.
Adat kakurung ku iga adat nu hese digantina.
Adean ku kuda beureum beunghar ku barang titipan atawa
ginding ku pakean batur.
Adigung adiguna gede hulu, boga rasa leuwih ti batur,
kaciri dina laku lampahna jeung omonganana.
Agul ku payung butut ngagulkeun luluhur sorangan.
Akal koja pinter dina kagorengan atawa
kajahatan.
Aki aki tujuh mulud lalaki nu geus kolot pisan.
Aku aku angga ngaku barang batur kalawan ngandung
maksud hayang mibandangaku baraya batur anu beunghar atawa jeneng, mamrih
kahormatan atawa kauntungan.
Aku panggung darehdeh jeung mere maweh, ngan
hanjakal ku ieu aing asa pangpunjulna, pangbeungharna jste.
Alak-alak cumampaka resep jeung hayang dipuji batur, boga
rasa pangpunjulna. Anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan
nu mulya.
Alak paul tempat anu lain dikieuna, ngeunaan
jauhna jeung pisusaheunana.
Alus panggung = alus
laur hade ome tegep dedeg
pangadegna.
Ambek nyedek tanaga
midek ari napsu pohara
gedena, ngan masih bisa meper diri
napsu kapegung.
napsu kapegung.
Ambekna sakulit bawang gampang pisan ambek, jeung mun geus
ambek teu reureuh sakeudeung.
Anak puputon anak nu kacida didama-damana, nu
pohara dipikanyaah.
Anjing ngagogogan
kalong mikahayang nu
lain lain, nu pamohalan pilaksanaeun (Mikahayang nu moal bakal kasorang).
Ari diarah supana, kudu
dipiara catangna Naon bae nu mere
hasil ka urang kudu diurus bener bener.
Ari umur tunggang
gunung, angen angen pecat sawed ari umur geus kolot tapi hate ngongoraeun keneh.
Asa dijual payu ngungun dumeh nyorangan di panyabaan,
jauh ti indung bapa.
Asa ditonjok congcot meunang kabungah nu gede, anu
saenyana teu diarep arep.
Asa ditumbu umur Boga rasa kahutangan budi anu pohara
gedena.
Asa nanggeuy endog
beubeureumna kacida nyaahna.
Asa potong leungeun
katuhu leungiteun jalma
nu pohara hade galena.
Ati mungkir beungeut nyinghareup palsu, siga sono, tapi henteu. Siga
suka, tapi henteu, siga nyaah tapi henteu.
Aub payung, sabet panon sabasoba wewengkon, ngeunaan tanah.
Aya astana sajeungkal anu mustahil oge oge bisa kajadian.
Aya bagja teu daulat arek meunang bagja atawa kauntungan
tapi teu tulus.
Aya di sihung maung Kulantaran loba kawawuh gegeden dina
aya karerepet atawa kaperluan penting gampang naker meunang pitulungna.
Aya hate kadua leutik naksir.
Aya jalan komo meuntas aya lantaran anu diarep arep ti
tadina nepi ka maksud urang gancang kalaksanakeun.
Aya jalan komo meuntas Aya pilantaraneun atawa pijalaneun
pikeun ngalaksanakeun atawa ngabulkeun kahayang.
Aya jalan komo meuntas eukeur mah aya maksud, turug turug
aya pilantaraneun.
Aya peurah aya komara aya harega, aya pangaji.
Aya nu dianjing cai Aya nu diarep-arep atawa digeroan.
Ayakan tara meunang
kancra nu bodo jeung nu
pinter moal sarua darajatna jeung panghasilanana.
B
Baleg tampele ari rasa tresna ka lalaki geus aya,
ngan lamun papanggih jeung jelemana gede keneh kaera.
Bali geusan ngajadi tempat dilahirkeun.
Balung kulit kotok
meuting teu eureun eureun
nyeri hate ti baheula nepi ka kiwari.
Balungbang timur, caang
bulan opat belas, jalan gede sasapuan beak karep ku rido jeung beresih hate.
Banda tatalang raga lamun urang papanggih jeung
karerepet, gering upaman, euweuh halangan urang ngajual barang nu aya pikeun
ngabela diri, meuli ubar sangkan waras.
Belang bayah gindi
pikir boga pikiran
goreng ka papada kawula.
Bengkung ngariung
bongkok ngaronyok babarengan sok
sanajan dina hina, rugi, atawa cilaka.
Beurat birit hese jeung sungkan dititah.
Beurat nyuhun beurat
nanggung, beurat narimakeunana pohara narimakeunana kana pitulung, ngan teu kawasa ngedalkeun ku
lisan atawa tulisan, anging gusti nu ningali.
Beureum paneureuy seuseut batan neureuy keueus hese
pisan, seuseut seuat ngahasilkeun maksud.
Beuteung anjingeun ngeunaan ka jelema nu beuteungna
cara/siga beuteung anjing.
Bilih aya turus
bengkung Bisi salah
pokpokanana.
Biwir nyiru rombengeun resep mukakeun rasiah sorangan atawa
rasiah batur.
Biwir nyiru rombengeun Resep ngucah ngaceh rasiah atawa
kaaeban boh nu sorangan boh nu batur.
Biwir sambung lemek,
suku sambung lengkah henteu milu milu
kana tanggung ajwabna mah, ieu mah ngan saukur mangnepikeun dumeh jadi utusan,
ngemban timbalan tinu lian.
Bluk nyuuh blak
nangkarak Kabina bina
rajina dina enggoning nyiar kipayah.
Bobo sapanon carang
sapakan aya kuciwana,
lantaran aya kakuranganana atawa karuksakanana.
Bobor karahayuan henteu rahayu, henteu salamet,
meunang kacilakaan atawa tiwas.
Bobot pangayun timbang
taraju kabeh anu
dipigawe kudu pinuh tinimbangan.
Bonteng ngalawan kadu nu leutik ngalawan nu gede.
Buburuh nyatu diupah
beas nyiar pangarti tur diburuhan atawa
digajih.
Budi santri, legeg
lebe, ari lampah euwah euwah Ari laku lampah mah kawas santri tapi sok ceceremed.
Buluan belut,
jangjangan oray pamohalan
kajadian.
Bungbulang tunda /
tunda talatah lamun dititah
tara sok pek ku maneh, tapi sok nitah deui ka batur.
Buntut kasiran koret, medit, ngeupeul, tara pisan
daek barangbere.
Bur beureum bur
hideung, hurung nagtung siang leumpang ginding, loba pakean anu aralus dipake.
Buruk buruk papan jati ka sobat atawa ka baraya mah sok
hayang ngahampura bae lamun aya kasalahan teh.
C
Caang bulan dadamaran migawe nu kurang mangpaat.
Cacag nangkaeun Hanteu beres, hanteu rata, henteu
sampurna.
Cangkir emas eusi delan omonganana mah alus nepi ka urang
jadi percaya jeung kataji, tapi hatena jahat jeung matak bahaya ka urang.
Cara bueuk meunang
mabuk ngeluk bae, teu
lemek teu carek, euweuh hojah, euweuh karep, euweuh kahayang sabab era tawa
sieun.
Cara gaang katincak anu tadina rame kacida, ayeuna mah
jadi jempling pisan.
Cara jogjog mondok carekcok bae, mani gandeng nacer.
Cara simeut hiris, tai
kana beuheung beuheung Pohara bodona, beunang dibobodo atawa ditipu ku batur.
Cecendet mande kiara Nu leutik nyaruaan anu gede, nu
miskin nyaruaan nu beunghar.
Ceuli lentaheun Sok gancang nyaritakeun ka batur naon
bae anu kadenge, turtaning tacan karuhan eta beja teh bener henteuna.
Cicing dina sihung
maung Nganjrek di
jelema anu nyusahkeun atawa bakal nyilakakeun ka diri urang.
Cikaracak ninggang batu
laun laun jadi legok Ku dileukeunan
mah sakumaha hesena ge lila lila jadi bisa (najan bodo asal leukeun diajarna
lila lila oge tangtu bisa).
Cileuncang mande
sagara, cecendet mande kiara, hunyur nandean gunung Nyaruaan ka jelema anu saluhureun
harkatna, darajatna atawa pangabogana.
Ciri sabumi cara sadesa beda tempatna, beda deui adat jeung
kabiasaanana.
Clik putih clak herang Kaluar tian hate anu beresih, rido
pisan, teu aya geuneuk maleukmeuk.
Congo congo ku amis,
mun rek mais oge puhuna Kumaha arek bageurna dinu ajdi anak, lamun bapana henteu bageur.
D
Daek macok embung
dipacok daek ngarah kana
rejeki atawa pakaya batur, tapi diarah rejekina atawa pakayana ku batur mah
embung.
Dagang oncom rancatan
emas ari modalna gede kacida, ngan batina
anu diarah kacida leutikna.
Dah bawang dah kapas tah barangna tah duitna.
Daluang katinggang
mangsi Susuganan
katuliskeun aya jodo (waris).
Desa maca cara nagara
mawa tata Ngagambarkeun yen
kaayaan jeung adat kabiasaan di desa jeung kota (nagara) teh beda-beda.
Deugdeug tanjeuran pada
ngadeugdeug pada nongton,
jadi tongtonan kulantaran pinter dina kasenian.
Deukeut deukeut anak
taleus ari imahna mah
puguh padeukeut, ngan hanjakal teu nyaho tibareto yen baraya.
Dihin pinasti, anyar
pinanggih baheula
ditangtukeunana, ngan kakara ayeuna kalakonanana atawa kapanggihna.
Dikungkung teu diawur,
dicangcang teu diparaban Ari dipegat mah teu acan, ngan geus teu dipeutingan jeung teu
dibalanjaan.
Dipiamis buah gintung Disangka hade jeung bageur tapi
buktina goreng jeung jahat.
Dipiamis buah gintung disangka hade jeung bageur, tapi
buktina goreng jeung jahat.
Disakompet daunkeun,
dihurun suluh dihijikeun bae, disaruakeun
bae, teu dibeda beda.
Ditangtang ditengteng
dijieun bonteng sapasi Dialak ilik lantaran dianggap aneh.
Ditilik ti gigir
lenggik, disawang ti tukang lenjang, diteuteup ti hareup sieup lenjang jeung geulis pisan, pantes
kewes.
Dogdog pangrewong bantuan anu euweuh hartina, dina teu
aya oge teu naon naon.
Dogong dogong tulak
cau, geus gede dituar batur ngantian jeung mahugi parawan ti keur leutik keneh, sugan
diparengkeun ku nu kawasa jadi pipamajikaneun, na ari geus gede dikawin batur,
atuh hese cape taya gawe.
Dosa salaput hulu kacida loba dosana.
Dulang tinande awewe mah nurutkeun bae, kumaha
diaturna jeung diparentahna ku nu jadi salami.
Duum tinggi ngabagikeun naon naon henteu kalawan
adil aya nu loba, aya nu saeutik.
E
Elmu ajug pinter ari mapatahan batur mah, tapi
prak ku sorangan henteu.
Elmu sapi samiuk (ngahiji) kana kagorengan.
Elmu tumbila nu boga imah ngarugikeun ka tatamu.
Elok bangkong nuju sakarat, ngan kari tunggu dawuh
bae.
Endog sapatarangan,
peupeus hiji, peupeus kabeh kasusah atawa karerepet anu tumiba ka dulur, baraya atawa sobat,
balukarna ngabingungkeun atawa nyusahkeun ka sarerea.
Endog tara megar kabeh najan saindung sabapa hneteu sarua
milikna, rejekina atawa darajatna.
G
Galehgeh gado darehdeh tapi henteu terus kana hate.
Gancang pincang kulantaran digawena buru buru jeung
kurang ati ati hasilna teh teu nyugemakeun.
Gantung denge hanteu terus bisa ngadengekeun hiji
perkara jeung pohara hayangna neruskeun ngadengekeun.
Gantung teureuyeun Hanteu terus daharna sabab dahareunana
geus beak atawa daharna kapaksa kudu eureun heula ku lantaran aya dahareun nu
didagoan.
Gede gede kayu randu,
dipakeke pamikul bengkung, dipake lincar sok anggang, dipake pancir ngajedig Ngeunaan ka jelema anu jangkung
ahrelung tur dedeg ngan hanjakal gawena jeung karajinanana goreng.
Gede gunung
pananggeuhan Adigung
kulanatran boga kolot atawa baraya baleunghar ataw jareneng.
Gede gunung
pananggeuhan Boga ahli atawa
kawawuhan anu beunghar atawa jadi gegeden, dina urang aya karerepet atawa butuh
ku pitulung, eta jalma bisa nulungan ka urang ku kabeungharan atawa kakawasaan.
Getas harupateun,
pingges harepan Gampang pisan
nyalahkeun atawa ngahukum ka batur.
Geulis sisi, laur
gunung, sonagar huma Ari rupa mah
tegep ngan dangong dusun meledug.
Gindi pikir belang
bayah Goreng hate,
dolim, julig, dengki.
Ginding kakampis Ari pake mah ginding ngan duit teu
boga.
Giri lungsi tanpa hina Nu luhur jeung nu handap sarua bae
ulah dihina.
Goong saba karia Datang sorangan ka anu keur kariaan
sanajan hanteu di ondang, maksudna hayang dititah gawe sangkan seubeuh
baranghakan.
Gunung tanpa tutugan,
sagara tanpa tepi Euweuh anggeusna,
euweuh beakna.
Gurat batu Pageuh kana jangji.
Gusti Alloh tara
nanggeuy dibongkokna Gusti Alloh tara
nangtayungan ka mahlukna anu salah atawa boga dosa ka papada kawula.
H
Hade gogog hade tagog Hade basa jeung hade tingkah lakuna.
Hade ku omong goreng ku
omong Omongan nu hade
balukarna hade jeung omongan nu goreng, goreng deui balukarna.
Halodo sataun lantis ku
hujan sapoe Kahadean anu
sakitu gedena tur lilana leungit pisan ku kagorengan atawa kasalahan sapoe.
Hambur bacot murah
congcot Goreng sungutna
jeung sok mindeng nyarekan deuih tapi berehan sok daek barangbere dahareun.
Hampang birit gampang jeung daekan dititah.
Hanteu gedag bulu
salambar Hanteu sieun
atawa gimir saeutik eutik acan.
Hapa hapa ge ranggeuyan Enya ari miskin tea mah, ngan lumayan
da ari salaki mah boga.
Hapa hapa ge ranggeuyan Miskin miskin oge da boga salaki nu
ngurus jeung nangtayungan.
Harewos bojong Harewos anu cukup tarikna, nepi
kadenge ku jelema anu deukeut kalawan tetela pisan.
Haripeut ku
teuteureuyeun Gancang atoh dina
meunangna rejeki, boh dahareun boh duit kalawan teu ngingetkeun balukarna ieu
teh rejeki halal atawa haram.
Harus omong batan goong Beja teh sasarina sok gampang jeung
gancang nerekab, kulantaran umuna sok pabeja beja.
Hayang untung jadi
buntung teu papanggih ari
jeung kauntungan mah, papanggih soteh jeung karugian anu sama sakali henteu
diarep arep.
Hejo tihang Resep jeung remen gunta ganti imah
tempat atawa pagawean.
Herang caina beunang
laukna Maksud bisa
kahontal kalawan beres teu aya pihak anu dirugikeun atawa dinyenyeri.
Herang caina beunang
laukna Nu dipikahayang
bisa laksana tur teu nganyenyeri batur.
Herang herang kari
mata, teuas teuas kari bincurang Bareto mah beunghar ayeuna kari miskina.
Heueuh heueuh bueuk Nyatujuan ari diluar mah, ngan bae
henteu terus jeung hatena.
Heureut deuleu pondok
lengkah Ngagambarkeun
sundek kanyaho ku sabab henteu rea babandingan da kurung batok.
Heurin ku letah Hayang jeung perlu ngabejakeun hiji
perkara, ngan sieun pok kulantaran loba karisi/ karempan.
Hirup ku panyukup gede
ku pamere Hirup samahi mahi
ku pamere batur bae, sabab teu purun hojah sorangan dina enggoning nyiar
kipayah.
Hirup nuhun paeh dirampes Rido pisan pasrah pisan, teu boga
kahayang naon naon.
Hirup ulah manggih
tungtung, paeh ulah manggih beja Kudu bageur kudu hade laku lampah supaya alus kacaritakeunana.
Hulu dugul dihihidan Nu keur senang tambang senang, nu
keur untung tambah untung.
Hunyur nandean gunung Nyaruaan ka jelema saluhureun
harkatna atawa pangabogana.
Hurung nangtung siang
leumpang Ginding karana
make papakean atawa perhiasan anu aralus.
I
Ieu aing uyah kidul Boga rasa pangleuwihna ti pada batur,
boh ngeunaan rupa, pangarti, pangaboga, pangkat atawa kakawasaan.
Ilang along margahina,
katinggang pangpung dilebok maung, rambutna salambar, getihna satetes,
ambekanana sadami, agamana darigamana, kaula nyerenkeun Masrahkeun sagalagalana hadena
gorengna, bagja cilakana (biasana sok dipake dina seserahan).
Indung lembu bapa
banteng Ti indung jeung
bapa turunan menak jeung beunghar.
Inggis batan maut hinis Pohara risina, pohara paurna.
Inggis manan maut
hinis, rempan batan mesat gobang Inggis jeung paur kabina bina.
Ipis kulit beungeut Gede kaera.
Iwak nangtang sujen Wani nyorang picilakaeun, pibalaieun
atawa pibahayaeun.
J
Jabung tumalapung sabda
tumapalang milu nyaritakeun
hiji perkara sakapeung nempasan omongan batur, nyeta nyeta siga nu nyaho,
padahal teu nyaho nanaon.
Jadi maung malang jadi panghalang, ngeunaan ka lalaki
nu ngahalangan pijodoeun hiji awewe.
Jadi sabiwir hiji jadi carita jalma loba.
Jadi senen kalemekan mindeng dicaritakeun batur.
Jaman cacing dua saduit jaman baheula pisan.
Jati kasilih ku junti pribumi kaeehkeun ku urang asing.
Jauh jauh panjang
gagang hanas jauh jauh
oge dijugjug, ngan hanjakal ku teu hasil.
Jauh ka bedug anggang
ka dayeuh dusun, teu nyaho
di tata-titi, tidak tanduk, suba sita, duduga jeung peryoga.
Jauh ka bedug dusun,bodo, euweuh kanyaho.
Jawadah tutung biritna,
sacarana sacarana unggal bangsa
beda adat jeung kabiasaanana.
Jegjeg ceker cape kulantaran leumpang ka dieu ka
dieu.
Jejer pasar lumrah bae, mun ka lalaki, kasep
henteu, goreng henteu.
Jeung leweh mah mending
waleh leuwih hade wakca
balaka ngedalkeun kahayang ti batan ngandung kabingung teu wani pok nyarita.
Jogjog neureuy buah loa mikarep ka anu lain babad.
Jogjog neureuy buah loa Milampah anu moal pihasileun.
K
Ka luhur teu sirungan
kahandap teu akaran Jelema nu jahat,
julig jeung dengki mah moal jamuga, moal aya kamajuan boh ngeunaan pangkat, boh
rejeki.
Kaceluk ka awun-awun
kawentar ka janapria, kakoncara ka mancanagara Kawentar pisan, kawentar kamana mana.
Kaciwit kulit kabawa
daging Kababawa, katarik
kana hiji perkara, keukeuh milu susah, sanajan teu boga salah jeung henteu milu
ulubiung perkarana.
Kahieuman bangkong Ku ayana barang titipan di urang,
urang teh nepi ka jiga beunghar katenjona ku batur mah padahal miskin teu boga
nanaon.
Kai teu kalis ku angin Unggal jelema awal ahir tangtu bakal
pinanggih jeung kasusahan.
Kajeun pait tungtung
amis manan amis tungtung pait Tibatan ahirna matak susah, leuwih hade dicaritakeun ti heula naon
anu matak pisusaheunana.
Kajeun panas tonggong
asal tiis beuteung Kajeun teuing
cape gawe asal bisa dahar kalawan cukup.
Kalapa bijil ti cungap Ngucah ngaceh rasiah sorangan anu
matak cilaka.
Kandel kulit beungeut euweuh caerأ،.
Katempuhan buntut maung Batur anu salahna atawa anu boga
dosana, tapi urang anu kudu nyanghareupan balukarna.
Katumbukan catur
kadatangan carita Loba anu embung
sabab ngagedekeun jeung ngagugulukeun panyerewedan.
Kawas anjing kadempet
lincar Mere parentah ka
batur teu kalawan sabar, malah bari ambek ambekan sagala.
Kawas budak rodek hulu Teu ngupama, teu ngajenan, teu
ngahargaan pisan.
Kawas cucurut kaibunan Ngeunaan ka jelema anu matak
sareukseuk panon.
Kawas hayam keur
endogan cilingcingcat
bae, teu bisa cicing.
Kawas hayam
panyambungan Tacan nyaho di
kaler kidul, kawantu anyar keneh aya di eta tempat.
Kawas kacang ninggang
kajang Ngomongna tarik
tur gancang, biasana ngeunaan ka awewe nu keur ngambek bari nyarekan.
Kawas kuda leupas ti
gedogan Bingung ku
kamerdekaan, terus sakama-kama nganteur kahayang, ngalajur napsu, kulantaran
euweuh anu ngageuing atawa euweuh nu nyengker.
Kawas lauk asup kana
bubu Gampang asupna kana pagawean tapi
pohara hesena hayang kaluar ninggalkeun eta pagawean.
Kawas lauk asup kana
bubu gampang meunangna jeung asup kana
hiji pagawean, tapi hese kaluarna jeung negcagkeunana eta pagawean (masalah).
Kawas nu mulangkeun
panyiraman Sok nu lain lain,
jeung hese ngayakeunana nu dipikayang ku jelema nu tereh ajal, kahayangna
sabisabisa kudu dicumponan bae, sanajan matak ngarepotkeun ka ahlina/
kulawargana.
Kawas siraru jadi Pabaliut ku tina lobana, ngeunaan ka
jelema.
Kawas wayang pangsisina Ngeunaan jelema nu goreng rupana.
Kejo asak angeun datang Sapagodos jeung maksud urang, atuh
teu talangke deui harita keneh dilaksanakeun.
Keur meujeuhna bilatung
dulang Laleutik keneh
pisan keur meujeuhna bareuki dahar.
Keur meujeuhna hejo
lembok rambay carita Keur meujeuhna
loba pakaya jeung loba rejeki.
Keur nuju bentang surem keur sue,atawa tiis badan, lamun guna
tani ku hama, lamun dagang terusterusan rugi bae.
Kiceupna sabedug sakali Pohara lungguhna.
Kiruh ti girang kiruh
ka hilir Lamun anu di
luhruna teu balageur jeung teu balener, tangtu nu dihandapna oge milu teu bener
milu teu bageur.
Kokoro manggih mulud
puasa manggih lebaran Anu saumur -umur
miskin tuluy dina hiji waktu pinanggih jeung kamulyaan atawa rejeki anu gede,
sasarina sok kacemekanana nepi ka siga mangpang meungpeung.
Kokoro nyoso, malarat
rosa, lebaran teu meuncit hayam Kacida miskina.
Kotok bongkok
kumorolong, kacingcalang kumarantang = Lauk buruk milu mijah = Piritan milu
endogan Pipilueun kana
hiji kalakuan kulantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan,
nepi ka goreng katenjona.
Kudu bisa kabulu kabale Kudu bisa mawa awak.
Kudu bisa ngeureut
neundeun Kudu bisa
nyukupkeun rejeki atawa pangala anu saeutik.
Kudu bisa pindah cai
pindah tampian Kudu bisa
nyaluyukeun maneh jeung lingkungan anu anyar dicicingan.
Kudu boga pikir kadua
leutik Ulah sabongbrong
teuing, kudu aya pikir rangkepan, kudu aya rasa curiga.
Kudu hade gogod hade
tagog Hade basa jeung
hade tingkah lacuna.
Kudu nepi memeh
indit Kudu direncanakan
kalawan asak.
Kujang dua pangadekna Hiji pagawean anu ngandung dua rupa
maksud.
Kulak canggeum bagja
awak Milik hade atawa goreng anu geus
ditangtukeun ti ajalina keneh ku Gusti Nu Maha Suci.
Kumaha bule hideungna
bae Kumaha engke bae buktina, kumaha
behna.
Kumaha kejebur caina
geletuk batuna kumaha jadina
bae, henteu jadi pikiran.
Kunang kunang nerus
bumi Ramana geus teu jeneng deui, di
putrana awal ahir aya nu jeneng cara ramana.
Kuru cileuh kentel
peujit Daek tirakat, ngadoakeun
budak sangkan sangkan junun.
Kurung batok teu resep nyanyabaan, ni’mat cicing
diimah bae.
L
Lain ku tulang munding
kabeureuyan mah, ku cucuk peda arek cilaka mah ku kasalahan anu leutik oge bisa, teu kudu ku
kasalahan anu gede bae.
Lain lantung tambuh
laku, lain lentang tanpa beja lain leumpang maladra Indit ti imah kalawan ngandung maksud
anu tangtu, lain lapmah sakaparan paran henteu puguh anu dijugjug.
Landung kandungan laer
aisan Gede
timbanganana, gede pangampurana.
Langsung saur bahe
carek Sok gampang
ngagelendeng atawa nyarekan.
Lauk buruk milu mijah =
piritan milu endogan pipilueun kana
hiji kalakuan ku lantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang
sorangan, nepi ka goreng katenjona.
Legok tapak genteng
kadek Loba luangna pangalamanana
jeung kanyahona.
Leubeut buah hejo daun Keur meujeuhna loba rejeki, loba
pakaya.
Leuleus jeujeur liat
tali pohara adilna, dina mutus hiji
perkara tara beurat sabeulah, jeung loba pertimbanganana.
Leunggeuh cau beuleum Teu lutreuk dina ngajalankeun hiji
pagawean.
Leutik burih euweuh kawani.
Leutik cahak, gede
cohok Ari panghasilan
saeutik tapi ari pangaluaran mah gede.
Leutik leutik
ngagalatik Sanajan leutik
awakna henteu jangkung tur gede, tapi leber ku wawanen.
Leutik ringkang gede
bugang Jelema mah teu
beunang disapirakeun sabab sanajan leutik warugana, dina aya papaitna atawa
bobor karahayuan mah bisa jadi kasusah sarerea.
Leuwi jero beunang
diteuleuman, hate jelema najan deet teu kakobet Hade gorengna pikiran jelema hese
dikira kirana.
Lieuk euweuh ragap taya Teuing ku miskin nepi ka teu boga
naon naon.
Loba teuing jaksa loba teuing anu pinter nu ngatur
jeung mapatahan, balukarna matak bingung nu dipapatahan.
Lodong kosong
ngelentrung Kalah ka loba
omong bae, ari pangartina mah euweuh.
Luhur kuta gede dunya Gagah tur beunghar taya kakurang.
Luncat mulang Teu beunang dicekelan omonganana,
ayeuna kieu engke mah kitu.
Lungguh tutut Katenjona siga lungguh tapi saenyana
mah henteu.
M
Malengpeng pakel ku
munding, ngajul bulan ku asiwung Ngajalankeun (mikarep) hiji perkara anu taya pihasileunana.
Maliding sanak Henteu adil, pilih kasih.
Mangpengkeun kuya ka
leuwi Nitah mulang ka
lemburna, atawa nitah pindah ka tempat bali geusan ngajadi.
Mapay ka puhu leungeun Mamawa ka kolot atawa ka guru,
turtaning kolot atawa guru mah teu nyaho naon naon jeung euweuh patalina
saeutik eutik acan.
Marebutkeun paisan
kosong Marebutkeun hiji
perkara anu teu aya hasilna atawa mangpaatna.
Maut nyere ka congona Keur ngora senang, tapi ari ka
kolotnakeun susah.
Melengkung bekas
inhalan Ari keur ngora
keneh bageur tapi kakolotnakeun jadi teu bageur.
Mere langgir kalieun Mere naon naon anu bisa jadi aya
pisusaheunana atawa pibahlaeunana.
Meuli teri meunang
japuh = nyair hurang meunang kancra kalawan teu disangka sangka meunang milik, darajat atawa kauntungan
anu leuwih gede.
Meungpeun carang ku
ayakan Nyaho yen batur
teh salah atawa migawe anu dilarang ku Nagara, tapi teu kitu kieu kalahka api
api teu nyaho.
Meungpeung teugeu
harianeun Embung pisan
tutulung ka batur nu keur susah atawa loba kabutuh.
Miceun batok meunang
coet Miceun nu goreng kulantaran hayang
meunang anu alus, tapi tungtungna meunang nu goreng deui bae.
Mindingan beungeut ku
saweuy ari hate goreng,
ngan budi parangi marahmay, perluna pikeun mindingan hate nu goreng tea
maksudna supaya ulah kaciri tea.
Mipit teu amit ngala
teu menta Maling boga
batur.
Miyuni hayam kabiri Leutik burih babari sumerah eleh
atawa lalaki nu babari sumerah ka awewe.
Moal ceurik menta eusi Keun bae mawa wadah anu gede oge da
lain hayang loba diberena.
Moal neangan jurig teu
kadeuleu arek nyekel
jelema nu aya bae, moal neangan jelema nu euweuh.
Mobok manggih gorowong Aya lantaran pikeun ngalaksanakeun
kahayang anu henteu gampang pihasileun.
Mobok manggih gorowong meunang jalan pikeun ngalaksanakeun
kahayang.
Monyet kapalingan
jagong Tukang maling
kapalingan, tukang tipu katipu, tukang ngarah nagrinah karoroncodan.
Mopo memeh nanggung Hoream, teu sanggup samemeh prak.
Mun teu ngakal moal
ngakeul mun teu usaha
moal pinanggih jeung rejeki pibekeleun hirup.
N
Ngajul bulan ku
asiwung, mesek kalapa ku jara usaha anu mubadir, moal ngadatangkeun hasil (asiwung; kapas nu geus
diberesihan sikina, biasana dipake keur mayit nutupan liang-liangan).
Ngadu angklung di pasar papaduan nguruskeun nu euweuh
mangpaatna di hareupeun jalma loba.
Ngadu ngadu rajawisuna mawakeun omongan si a ka si b jeung
sabalikna, temahna si a jeung si b pasea, parerea omong.
Mun teu ngoprek, moal
nyapek. Mun teu ngakal moal ngakeul. Mun teu ngarah moal ngarih Lamun teu digawe niar kipayah tangtu
pisusaheun pikeun hirup.
Muncang labuh ka puhu,
kebo mulih pakandangan Mulang ka lemburna sabada mang taun taun aya di pangumbaraan/
panyabaan.
Mupugkeun tai kanjut Ngetrukeun pangaboga dina waktuna
nyunatan atawa ngawinkeun anak anu kacida dipikameumeutna.
Naheun bubu pahareup
hareup dina pangabutuh
silih injeuman duit.
Nangkeup mawa eunyeuh mawa cilaka ka jelema anu dipentaan
tulung jeung geus nulungan ka urang.
Nangtung kariung ngadeg
karageman Ngariung
rarageman ngabadamikeun hiji perkara.
Nepak cai malar ceret Ngomongkeun jeung ngagogoreng batur,
supaya batur teh ragrag ngarana jeung kawentar kagorenganana.
Nepakeun jurig pateuh Puguh urang nu goreng tapi kagorengan
urang teh ditamplokeun ka batur sangkan urang sorangan salamet.
Nete porot ngeumbing
lesot Cukup ari ihtiar
mah kalawan mangrupa rupa akal tarekah tapi teu hasil bae.
Nete semplek nincak
semplak Kieu salah kitu
salah.
Nete semplek nincak
semplak Ninggang dina
salah jeung rugi bae, turug turug kasusah nambahan deuih.
Nete taraje, nincak
hambalan Kudu merenah,
lamun aya uruskeuneun teh urang kudu datang ka nu handap heula, kakara terus
kaluhur.
Neukteuk curuk dina
pingping Ngadakwakeun nu
lian, tapi nu ngadakwakeunana meula susah, sabab milu katarik kana perkara,
milu adu hareupan jeung hakim.
Neukteuk mani anggeus,
rokrok pondokeun peunggas harupateun Heuras hatena teu sabar dina nyanghareupan rupa rupa kasusahan jeung
babari luluasan.
Neundeun piheuleut
nunda picela Neangan
pilantaraneun supaya jadi goreng supaya temahna papisahan teu ngahiji deui.
Ngabejaan bulu tuur Ngabejaan jalma nu geus nyahoeun.
Ngabudi ucing teu wani nembongkeun atawa ngedalkeun
kahayang atawa kadeudeuh.
Ngadagoan kuah beukah Ngadagoan pasesaan kadaharan (Hal ieu
ngan wungkul tukang babantu di imah batur bae, anu saenyana mah ayana tukang
babantu teh henteu perlu).
Ngadagoan uncal mabal Ngadagoan jeung mikahayang kana
rejeki tapi sungkan ihtiar pikeun ngadatangkeun eta rejeki.
Ngadaweung ngabangbang
areuy pohara nineungna
kana jaman nu geus kasorang nepi ka matak waas pacampur jeung sedih.
Ngadek sacekna, nilas
saplasna Ngomong/nyarita
anu teu dileuwihan atawa dikurangan.
Ngadeupaan lincar ngadeukeutan anu keur sidekah atawa
kariaan, supaya katenjo ku anu boga imah jeung diajak dahar.
Ngagandong kejo susah
nyatu loba ari titaheun
mah boh anak boh bujang ngan hanjakal ku hese nitah, euweuh nu daekeun ari
dititah teh.
Ngagedag bari mulungan Nanyakeun hiji perkara ka batur anu
urang tacan nyaho, tapi embung kanyahoan yen urang tacan nyaho, kulantaran kitu
api api geus nyaho bae.
Ngaliarkeun taleus
ateul ngabeja bejakeun
kagorengan atawa kajahatan batur.
Ngaliarkeun taleus
ateul Ngabeja bejakeun
kagorengan batur atawa kajahatan anu lian.
Ngarep ngarep bentang
ragrag Ngarep-ngarep nu
pamohalan bakal kasorang atawa kajadian.
Ngarep ngarep
kalangkang heulang Ngarep ngarep
hiji perkara anu kacida banggana jeung sudah pihasileunana.
Ngawur kasintu,
nyieuhkeun hayam ngaraeh jeung
darehdeh ka deungeun, sabab hayang kapuji, tapi teu nolih jeung nyapirakeun ka
dulur atawa ka baraya sorangan.
Ngeplek jawer, ngandar
jangjang, miyuni hayam kabiri Leutik burih, borangan, sieunan, kecing.
Ngeduk cikur kedah
mihatur nyokel jahe kedah micarek Lamun nyokot hiji hal kudu saidin anu boga.
Ngeupeul ngahuapan maneh Lungas lengis mikawelas mikaasih ka
diri sorangan, supaya batur welaseun jeung nulungan ka urang.
Nginjing sila, bengkok
sembah goreng hate, teu
satia ka anu jadi pamingpin atawa dunungan.
Ngodok liang buntu hese
cape taya gawe, susah payah taya guna sanajan tihothat oge moal atawa henteu beubeunangan.
Ngodok liang jero Teu hasil enggoning nyiar rejeki,
kaditu kadieu luput bae.
Ngukur ka kujur nimbang
ka awak Ngaluarkeun duit
pikeun kaperluan hirup, pakan, pake jste disaluyukeun jeung pangala.
Ngukut kuda kuru ari
geus gede sok nyepak Ngukut bujang anu
tadina pohara balangsakna, susak dahar susah make, tapi ari geus mulya awak
lintuh jeung pake hade, ngalawan ka anu jadi dunungan.
Ngusap birit bari indit kulantaran ambek nyedek
atawa era paraa, leos bae indit, teu amit heula ka anu araya didinya.
Nimu luang tinu burang Nambahan luang atawa pangarti waktu
keur pinanggih jeung kacilakaan atawa hukuman.
Nincak parahu dua Ngadunungan ka duaan atawa boga dua
pausahaan.
Ninggang kana
kekecrekna Keur mah goreng
rupana, goreng laku lampahna deuih.
Nini nini dikeningan,
awewe randa dihiasan Ngamahalkeun
barang naon bae anu geus ruksak.
Noong ka kolong Leutik hate, leutik pangharepan.
Nu asih dipulang
sengit, nu haat dipulang moha nu hade jeung loba jasana ka diri urang, dinyenyeri ku urang, ku
omongan atawa ku kalakuan anu goreng.
Nu borok dirorojok nu
titeuleum disimbeuhan nu keur susah
ditambah kasusahanana, nu keur nyeri ditambah kanyerina.
Nu borok dirorojok, nu
titeuleum disimbeuhan Nu keur susah
ditambah deui kasusahna.
Nu burung diangklungan,
nu edan dikendangan ngahaminan
omongan atawa carita batur, sanajan ceuk hate sorangan eta omongan atawa carita
teh salah.
Nu tani kari daki, nu
dagang kari hutang Nu tani jeung nu
dagang sarua ripuhna, euweuh nu mulya.
Nuju hirup ninggang
wirahma Ngeunaan ka
jelema anu keur alus milik.
Nuturkeun indung suku Leumpang sakaparan-paran, ku sabab
henteu puguh tujuan.
Nulungan anjing
kadempet nulungan jelema
nu teu boga pisan rasa tumarima.
Nya di hurang nya
dikeuyeup Di unggal jelema
oge taya bedana, sarua bae, mungguhing wiwirang atawa katugenah hate mah boh di
menak boh disomah sarua bae.
Nya ngagogog nya mantog Nya nitah ka batur nya prak
kumanehna.
Nya picung nya hulu
maung Nu nanya jeung nu
ngajawab teu sapagodos, pananya jeung jawaban pasalia, henteu nyambung.
Nyaeuran gunung ku
taneuh, sagara ku uyah nambahan kauntungan atawa kakayaan ka anu geus beunghar.
Nyair hurang meunang
kancra Sugan the rek
meunang kauntungan, kamuliaan atawa bagja anu leutik manahoreng meunang kauntungan
atawa bagja anu gede.
Nyaliksik ka buuk
leutik Nyusahkeun,
peperedih atawa pepentaan ka jelema anu sahandapeun darajatna jeung
pangabogana.
Nyalindung ka gelung Milu hirup ka pamajikan anu loba
pakayana.
Nyanggakeun suku
genteng belokeun, beuheung teukteukeun, disiksik dikunyit kunyit, dicacag
diwalang walang Sumerah,
masrahkeun diri rek dibeureum rek dihideung kari kumaha didinya bae, dina
rumasa geus salah atawa rumasa boga dosa.
Nyanghulu ka jarian Ngawula ka jelema anu sahandapeun
harkatna atawa pangartina.
Nyaur kudu diukur
nyabda kudu di unggang Nyarita kudu pas, eces, ngabogaan harti.
Nyeri beuheung
sosonggeteun Pohara ngarep
ngarepna, tapi anu diarep arep teu jol bae datang.
Nyeungeut damar di
suhunan mintonkeun
kakayaan, atawa barangbere supaya dipuji.
Nyeungseurikeun upih
ragrag Akey akeyan
nyeungseurikeun batur, dumeh buuk geus bodas huntu geus ompong, tonggong geus
bengkung turtaning ieu the kahareup mah ku urang sarerea bakal kasorang.
Nyiar batuk piaraheun Nyiar pigujrudeun, pipaseaeun.
Nyicikeun cai,
murulukeun lebu turun cadu
(cacaduan), pantang ngalampahkeun hiji perkara anu dilarang ku luluhur.
Nyieun catur taya dapur nganggit hiji dongeng nu teu aya
galurna.
Nyieun heuleur jeroeun
huma Henteu raket jeung dulur pahare-hare
bae.
Nyieun pucuk ti girang pangheulana neangan piaseaeun.
Nyiruan mah teu
resepeun nyeuseup nu pait Lumrahna manusa teu resep reureujeungan jeung nu teu boga.
Nyiuk cai ku ayakan Pagawean nu mubadir, moal
ngahasilkeun naon naon.
Nyium bari ngegel Omongannana hade ngan hate jeung
maksudna goreng . Salakina dipisobat ari pamjikanana dibogohan atawa sabalikna.
Nyokot lesot ngeumbing
porot Teu aya usaha anu
ngahasilkeun.
Nyolok mata buncelik nganyenyeri, ngahina atawa
ngawiwirang di hareupeunana.
Nyuhun nanggung ngelek
ngegel Rebo pisan,
babawaanana loba naker.
Nyuhunkeun bobot
pangayon timbang taraju Menta pangampura jeung menta timbangan da geus puguh rumasa ari salah
jeung dosa mah.
Nyukcruk walungan mapay
mapay wahangan Kalawan taliti
pisan nalungtik luluhur, imeut pisan pancakakina.
O
Omong harus batan goong Beja the gancang naker nerekabna,
malah sasarina mah beja anu nerekab teh leuwih hebat batan aslina.
Owah gingsir Hanteu tetep, henteu ajeg, gunta
ganti pamadegan.
P
Paanteur-anteur
julang silih anteur nepi ka
aya dua tilu kalina.
Pacikrak ngalawan merak Tangtu elehna sabab nu leutik
ngalawan anu gede.
Pada rubak sisi samping Sarua bae pada loba luangna, pada
loba pangalamanana.
Pagirang girang tampian Paunggul unggul dina neangan pangupa
jira (Paunggul unggul nyiar rejeki, teu daek silih seblokan).
Paheuyeuk heuyeuk
leungeun Silih bantuan,
silih belaan, silih tulungan.
Pait daging pahang
tulang Arang gering.
Pait daging pahang
tulang cageur teu keuna
ku panyakit naon bae.
Pakotrek iteuk Laki rabi ti ngongora napi kakolot
pisan, pada pada geus jadi aki-aki nini-nini.
Paluhur luhur diuk pagede gede kauntungan dina nyiar
kipayah.
Panday tara bogaeun
bedog Sasarina ari
tukang mah sok tara bogaeun.
Papadon los ka kolong Cidra jangji, teu nedunan jangjina.
Peureum kadeuleu beunta
karasa Inget bae, teu
bisa poho. Biasana mah lain kana barang tapi ka jelema anu dipikancinta.
Piit ngeundeuk
ngeundeuk pasir mikarep kaanu
lain babadna, tangtu moal kasorang.
Pindah cai pindah
tampian Robahna tempat
matuh robah adat jeung kabiasaan.
Pinter aling laing bodo Pinter tapi embung kanyahoan ku
batur, kusabab eta nyeta nyeta anu bodo.
Pipilih meunang nu
leuwih koceplak meunang nu pecak Milih kalawan ati ati pisan ku lantaran hayang meunang nu leuwih
hade, ngan ahirna meunang nu leuwih goreng.
Piruruhan
katengahimahkeun Nu dusun didikan
dibawa kana pasamoan.
Poek mongkleng buta
rajin (atawa buta radin) Poek pisan.
Pondok jodo panjang
baraya Saha oge jodoh
urang silaturahmi kudu tetep dijaga.
Pupulur memeh mantun Menta ganjaran memeh aya jasa atawa
menta buruhan memeh prak digawe.
Pur kuntul kari
tunggul, lar gagak kari tunggak, tunggak kacuwatan daging Dina cidrana anu diborehan, boreh anu
katempuhan, kudu mayaran hutang anu dipangnanggungkeun.
Puraga tamba kadengda Migawe hiji pagawean henteu jeung
enya enya. Henteu ngandung maksud supaya hade hasilna ieu mah pada ulah dipaido
bae.
R
Raweuy beuweungeun
rambay alaeun Loba dahareun da
loba pepelakan.
Rumbak caringin di
buruan dina hiji kasusah
atawa karerepet geus boga teu boga kolot anu mepelingan ka urang.
Rumbak kuntieun Henteu lengkep, aya bae anu kurang nu
matak cua kana hate.
Rup ku padung rap ku
lemah, katuruban ku taneuh beureum Maot. Sasarina ngeunaan kanyeri anu satungtung hirup moal poho
sanajan nepi ka maot.
Rusuh luput gancang
pincang Migawe naon bae
anu rurusuhan, temahna matak kaduhung sabab hasilna teu matak nyugemakeun.
S
Sabobot sapihanean Sauyunan, sapapait samamanis sabagja
sacilaka.
Sabuni buni anu ngising sanajan dibunian atawa disumputkeun
oge ari laku lampah anu goreng mah awal akhir sok kudu kanyahoan bae.
Sagalak galakna macan
taru nyatu anakna sanajan pohara
bengisna nu jadi indung-bapa, umuna tara tega ka anu jadi anak.
Sagolek pangkek
sacangreud pageuh Hanteu cidra kana
jangji.
Saherang herangna cai
beas Galibna hate teh hese pisan beresihna
ka jelema anu geus bukti tas nganyernyeri ka urang.
Saherang herangna
cibeas, moal herang cara cisumur Sasarina lamun geus aya pacengkadan sok tara hade deui cara bareto
samemeh aya pacengkadan.
Sakecap kadua gobang Gampang ngambek jeung gampang ngadek
deuih.
Sakiriciking duit
sakocopoking bogo Naon bae anu
matak narik kana hate urang.
Saluhur luhur punduk
tara ngaliwatan hulu Sapinter pinterna
murid pangartina moal ngaluhuran guru.
Samar polah samar rasa Henteu puguh tingkah upamana ku sabab
tepung jeung jalma anu dipikacinta tapi kakara disidem dina hate bae, tacan
bruk-brak
Sangsara di geusan
betah Teuing ku miskin,
teu boga naon naon pisan kulantaran geus embung digawe nyiar kipayah. Anehna
the ari hirup mah hayang keneh.
Sapu nyere pegat simpay Paturay papisahan.
Sareundeuk saigel
sabobot sapihanean sabata sarimbangan Sauyunan, layeut, tara aya pacengkadan.
Satengah buah leunca Teu jejeg ingetan, langlang lingling,
kurang saeundan.
Satungtung deuleu Ngagambarkeun anu upluk-aplak lega
pisan
Saumur nyunyuhun hulu Saumur hirup rumingkang di bumi alam.
Saungkab peundeuy Omongan anu pondok tur kurang manis.
Sengserang padung Ngeunaan awewe atawa lalaki anu boga
keneh napsuna cara baheula keur ngora keneh, sasarina aya di jelema nu geus
kolot, nu tereh paeh.
Sentak badakeun teu ceehan dina gawe, mimiti pohara
getolna, tapi beuki lila beuki ngedul nu tungtungna teh diantep teu dipigawe
pisan.
Sereg di panto logor di
liang jarum nyingkahan hirup
kumbuh jelema loba, sabab loba dosa, loba kasieun jeung kaera, betahna dinu
suni nu teu aya jelema.
Sereg dibuana logor
diliang jarum Kulantaran loba
kasalahan atawa dosa, embung cicing di nu rame, sabab sieun, karesepna the di
nu suni, nu euweuh jelema.
Seukeut ambeu seukeut
deuleu loba mata-matana
jeung pinter nyusud perkara (keur pagawean pulisi).
Seukeut tambang manan
gobang Sakumaha gagahna
wanina jeung ngalawana oge jalma jahat mah awal ahir tangtu katangkep pulisi.
Seuneu hurung cai caah Keur ambek, keur amarah, keur napsu.
Seuneu hurung
dipancaran Nu keur napsu,
heug ditambahan pisan pikakeuheuleun, tangtu bae ngambekna jadi tambah.
Seungit angin-anginan Seungit pisan meleber ka mana-mana
Seuseut batan neureuy
keueus Hese pisan.
Sibanyo laleur Ledis pisan, teu nyesa saeutik eutik
acan.
Silih jenggut jeung nu
gundul Menta tulung ka
papada anu sarua butuhna atawa sarua papada henteu boga.
Sirung ngaliwatan
tunggul Darajat atawa
milik anak ngaliwatan bapa.
Sosoroh ngadon kojor Kikiriman ku lantaran aya pangarahan
tapi boro boro meunang kauntungan, kalahka meunang wiwirang jeung karugian.
T
Tamiang meulit ka bitis Malindes ka diri sorangan.
Tamplok batokeun Berehan teuing nepi ka urang mah
susah.
Taraje nangeuh dulang
pinande Saban tugas kudu
dilaksanakeun kalawan alus sarta bener.
Taya tangan pangawasa Jiga anu dipupul bayu, henteu boga
tanaga.
Taya halodo panyadapan taya eureuna digelendeng atawa di
dicarekan (Terus bae digelendeng atawa dicarekan).
Teng anak teng, anak
merak kukuncungan sipat-sipat nu
aya di anak, babakuna nu hadena, sasarina loba anu diturunkeun ku kolotna.
Teu aya sarebuk
samerang nyamu Teu aya saeutik
eutik acan.
Teu beunang dikoet kunu
keked Teuing ku koret,
tara pisan tutulung ka nu butuh tatalang ka nu susah.
Teu boga pikir
rangkepan Teu boga curiga
saeutik eutik acan.
Teu busik bulu salambar teu regrog regrog, malah unggul dina
juritna.
Teu cari ka Batawi tapi
ka salaki hakan pake hayang
ti salaki.
Teu diambeuan teu dipikarisi, teu dipikagimir, teu
dihargaan/diajenan.
Teu didingding kelir teu dibuni buni, ditembrakeun bae,
teu dirasiahkeun.
Teu dipiceun sasieur Sarua pisan teu aya bedana saeutik
eutik acan.
Teu ditari teu ditakon Teu dipalire diantep bae, teu ditanya
tanya acan.
Teu gugur teu angina Samemeh kajadian naon naon, teu aya
pisan beja, lantaran atawa ciciren.
Teu jauh ti tihang juru
teu anggang ti tihang tengah Nya goreng rupana nya goreng kalakuanana sok daek pulang paling.
Teu mais teu meuleum teu aya patalina pisan, teu
pipilueun.
Teu ngalarung nu
burung, teu nyesakeun nu edan ngalajur napsu ka awewe, ka anu halal jeung anu haram oge disaruakeun
bae.
Teu nginjeum ceuli teu
nginjeum mata Ngadenge jeung
nenjo sorangan lain cenah jeung baruk.
Teu nyaho di alip
bingkeng bodo teu bisa
maca-maca acan, da teu sakola.
Teu puguh alang ujurna teu puguh entep seureuhna, teu beres
lain kitu kuduna.
Teu wawuh wuwuh pajauh,
teu loma tambah paanggang Sing wawuh tur sing loma sabab balukarna alus pisan.
Teui hir teu walahir,
teu kakak, teu caladi teu aro aro acan Teu baraya, teu kaka, teu adi teu alo alo acan. Deungeun deungeun
tulen.
Ti luhur sausap rambut
ti handap sahibas dampal Menta dihampura tina rumasa geus salah atawa boga dosa.
Ti peuting kapalingan
ti beurang kasayaban Sababaraha kali
karurugian atawa karoroncodan.
Tiis ceuli herang mata ngeunah hate kulantaran ngeunah
deudeuleuan jeung dedengean.
Tikoro andon peso ngadeukeutan jelema nu bakal ngahukum
atawa nganyenyeri ka diri urang.
Tinggar kalongeun Teu sieun atawa teu nurut kulantaran
remen teuing digelendeng atawa dicarekan.
Tipu keling ragaji
Inggris pinter dina
kajahatan, pinter dina ngbobodo atawa nipu.
Titip diri sangsang
badan Mihapekeun maneh.
Titirah ngadon kanceuh sejana nyiar kasenangan, tapi jadina
pinanggih jeung kasusah nu leuwih gede.
Totopong heureut
dibeber beber, tangtu soeh nyukupan ku pangala nu sakitu saeutikna, tangtu bae matak jadi susah,
lamun rejeki atawa pangala saeutik, ari keperluan jeung pangaluaran anu sakitu
lobana.
Tugur tundang cuntang
gantang Ngajalankeun
pagawean pikeun Nagara, babakti ka nagara.
Tunggul dirarud catang
dirumpak Euweuh anu
dipikaserab, terus bae ngalajur napsu.
Tunggul sirungan,
catang supaan Aya kajadian anu
goreng atawa matak teu genah ahirna.
Tungkul ka jukut
tanggah ka sadapan junun
nyanghareupan pagawean anu dipilampah, teu kaganggu ku naon naon.
U
Ulah beunghar memeh
boga ulah adigung nyeta nyeta anu
beunghar, turtaning henteu atawa tacan boga pakaya.
Ulah cara ka kembang
malati kudu cara ka picung Ulah sok bosenan ari ka pamajikan teh, hadena mah ti keur ngora keneh
nepi ka geus kolot teh, lain beuki lila beuki bosen tapi kudu beuki lila beuki
welas asih.
Ulah cara ka malati
kudu cara ka picung Ulah ngurangan
kanyaah kudu beuki lila beuki nyaah.
Ulah kabawa ku
sakaba-kaba ulah kabawa ku nu
teu puguh, maksudna kabawa jurig, dedemit.
Ulah keok memeh dipacok Ulah sieun saacan ngalakonan.
Ulah leutik hate Ulah sieun atawa putus pangharepan.
Ulah lunca linci luncat
mulang udar tina tali gadang, omat ulah lali tina purwadaksina Kudu nuturkeun etika anu aya.
Ulah muragkeun duwegan
ti luhur masing nyaah kana
rejeki meunang hese cape ladang kesang, pacuan arek dimonyah monyah.
Ulah ngaliarkeun taleus
ateul Ulah nyeubarkeun
fitnah.
Ulah ngukur baju
sasereg awak Ulah menyimpulkan
nurutkeun diri sorangan
Ulah pagiri- giri
calik, pagirang- girang tampian Ulah rebutan kakawasaan
Ulah pangkat memeh
jeneng Ulah adigung
adiguna hayang nyaruaan ka nu geus jeneng.
Ulah tiis tiis jahe kudu iatna, kudu cingceung.
Ulah unggut kalinduan
ulah gedag kaanginan Ulah kagoda, ulah
kaganggu atawa kabengbat ku rypa rupa, lamun urang keur nyanghareupan hiji
maksud anu hade.
Uncal tara ridu ku
tanduk Duduluran
karumpul kabeh.
Ulah nyaliksik ku buuk
leutik Ulah
nyangsarakeun rakyat leutik.
Uyah tara tees kaluhur Galibna sipat indung bapa anu harade
atawa anu goreng sok diturunkeun ka anak incuna.
W
Waspada permana tingal Bisa nyaho kana naon naon anu bakal
kajadian.
Wiwirang di kolong
catang nya gede nya panjang wiwirang nau pohara gedena.
No comments:
Post a Comment